Selasa, 04 Januari 2011

teu jadi meuli sapatu

harita teh poe ahad kaping 1 januari, urang teh jangar da peutingna mani teu kamana-mana padahal mah tahun baru meujeuhna barudak ngora teh arulin jeung babaturanana da sabab babaturan2 urang teh geus baroga acara sorangan matak wee euweuh acara, mana urang ge aya praktikum deui nepi ka jam satengah dalapan, dasar gelo eta kampus aing geus nyaho ayeuna teh ganti tahun lainna diperekeun ieu kalakah dititah praktikum nepi ka peuting. lanjut deui, sebenerna mah sih hayang meuli sapatu harita teh padahal ngan boga duit pas-pasan nekat rek meuli sapatu di Halte (euleuh hayang gaya eta teh), langsung we ku urang teh langsung ngasms si ogis titah anteurkeun urang ka Halte da urang teh teu nyaho halte teh dimana (udik). Si ogis daekeun ngan kudu make motor kuring da motor manehna euweuh bensinan (ngerakeun). Lanjutlah si ogis datang langsung tah cabut ka Halte make motor urang, geus mah motor urang leutik ditaekkan ku 2 jelema badag haha loba batur ningalian, tapi c uek we laaahhh. .heueuh teu?. teu lila nepi oge ka belokan halte, sebenerna mah rada ijid da urang teh sebenerna mah geningan pernah ka halte teh ngan poho ngaranna! ku odob-odob teuing atuh urang teh, langsung tah asup ka belokkannana halte teh langsung katempoan, eeehh nyahona mah tarutup eta HAM JADAH! aing keuheul ngabeakeun bensin urang wae. Si ogis kalakah seuseurian ham jaket emang. Nungtungna mah urang jeung si ogis balik deui ka imah urang tapina nyimpang heula di Warteg Sip, tukang DVD jeung tukang jam da urang teh rek ngaleutikan ieu jam. Di imah urang nonton bitch slap bareng jeung si ogis, eri, inay. Si eri, inay diajakan beh rada loba baturan di imah hehe, pas nongton eta pelem eudeuuuuh si otong teh hudang da nempo martabak-martabak aralus haha, pas urang ayeuna rek nongton deui eh dvdna leungit kampret. Sanggeus nongton jeung dahar indomie barudak baralik weh (euweuh kaera haha) . Dipikir-pikir urang rada boloon oge nya? na aharita teh pan tanggal beureum atuh puguh wae toko teh tarutup adeuuuuh

Tidak ada komentar:

Posting Komentar